Wilujeng Sumping

Wilujeng Sumping di

Rabu, 16 Mei 2012

Resensi Novel Basa Sunda : Kembang Rumah Tangga

Jejer Buku : Kembang Rumah Tangga Panulis : Tjaraka Pamedal : PT. Girimukti Pusaka Citakan : ka-1, Jakarta 1996 Kandel Buku : 88 kaca Basajan pisan carita Kembang Rumah Tangga kenging Tjaraka, anu di caritakeun dina novel ieu nyaeta jalmi-jalmi basajan sapertos tokoh Sujana anu beunghar nyaeta salah sawios direktur di hiji perusahaan, tiasa kacupomponan dina sagala kahayangna. Tjaraka mah katingal onjoyna dina sadaya karangana, dina kabasajanana wangunan carita teh kukuh pengkuh susunanana, salilana silih pageuhan sangkan teu awut-awutan. Gambaran anu katingalina ngan sliwat-saliwat dina netelakeun tokohna upamana tiasa masihan gambaran ngeunaan pribadina. Cara anu sering kapendak dina carita-carita Tjaraka nu lianna, didieu oge Tjaraka henteu seueur ngagunakeun cara langsung pikeun ngagambarkeun tokohna. Tokoh nu lian, nyaeta dina obrolan bang Amat, Bang Mian, jeung Astra. Waktu dina bab ka tilu, Sujana muncul teh, nu maca parantos aya gambaran ngeunaan dirina. Panulis dina nyaritakeunana nganggo basa loma sangkan babari kaharti ku anu maca. Gambaran ngeunaan kahirupan Bang Amat (tukang cikopi anu mangkal di pakarangan batur, nyewa ka Arab), kitu deui ngeunaan Bang Mian (tukang loak anu dina naasna dituduh jadi tukang tadah nepika kudu asup ka bui, sanajan ngan saliwat-saliwat karasa hirup tur ngayakinkeun. Henteu sapertos direka-reka. Estuning karasa sajalantrahna Sanajan henteu aya katerangan anu tetela, nanging pikeun jalmi nu kantos ngalaman kahirupan di Jakarta dina taun 1950-an, naon anu digambarkeun ku Tjaraka teh asa bruh-breh, eta mah mung di angge minangka kasang-tukang caritana anu patali sareng hirup jalma dina enggoning rarabi atanapi ngawangun rumah-tangga. Sujana nyaeta, jalmi anom anu kawilang beunghar, kawitna bangbaungeun alimeun deui kagungan geureuha, sabada geureuha maot dina kacilakaan mobil henteu sabaraha lami sabada pangantenan. Dugi ka aya anggapan yen henteu parelu gaduh geureuha, da saur anjeuna sagala rupa oge tiasa kapeser asal aya artosna. Tur anjeuna teh jalmi anu beunghar. Mung sabada anjeuna dikawulaan ku Kartika, alona bang Mian anu carogena ditangkep ku lantaran ngagarong, Sujana janten hoyong ngangken Kartika janten nyonya rumah. Mung Kartika anu ngimpen ku carogena anu baris tereh kaluar ti bui, milih kakaburan manan narima panglamar Sujana, da saur sangkaannana tangtos engke upami salakina tos kaluar pasti milarian anjeuna, tur lamun terangeun yen aya di Sujana tanwande ngarogahala Sujana deuih. Bang Mian anu katempuhan ku lantaran henteu tiasa milarian Kartika dugi ka kapendak, nawarkeun Kartini ka Kartika, minangka gaganti. Tur Kartini teh meh sarimbag jeung jeung Kartika, kitu deui dina tingkah polahna. Cindekna Sujana nikah jeung Kartini, sarta tuluy patepung jeung Kartika anu kabur ka Yogya, anu ditawisan ku emangna Sujana (nu bade nikah sareng Kartika). Palebah tungtung carita, anu nepungkeun Sujana jeung Kartika, bari aya deuih yen Henki teh maot ku lantaran basa kaluar ti bui mestol pulisi, memang karasa dijieun – jieun pisan. Nu tos janten kabiasaan upami carita kudu aya “tungtungna,” nyababkeun Tjaraka ngarasa perelu nambahkeun eta bagian. Padahal ku nikahna Kartini jeung Sujana, carita teh saena tos tamat, da Sujana anu disangkaan anti ka istri teh, singhoreng jalmi normal ari geus nepi ka jodona mah kersaeun kagungan geureuha. Luyu sareng judulna, geureuha teh janten kembangna rumah tangga di imah Sujana anu kawitna mung dicalikan ku pameget wungkul (bujangna dua sareng supirna hiji pameget sadaya). Carita anu saliwat mah sapertos ngajojoan anu penting hungkul, kedahna palebah anu parelu mah, tapis ngagambarkeun bubuk-alitna. Upamana dina bagean anu ngagambarkeun seja nyakseni mekarna kembang wijayakusumah tengah wengi, apan anu dicaritakeun teh sanes mung pak-pik-pek na nu ngatur susuguh bae, mung sareng kunyam-kunyemna mang Karso anu perya yen kembang wijayakusumah mekar mah sanes samanea. Dina waktos bang Mian ngadongengkeun pangalamanna milarian Kartika kasababaraha kota, didongengkeun tataya ka Kiai sareng jalma-jalma anu dianggap tiasa matangankeun. Eta teh sacara henteu langsung masihan gambaran kasang-tukang kapercayaan bangsa urang anu janten jejer carita. Cindekna Tjaraka tapis palebah mere warna kana caritana nu sakaligus mengkuhan susunan caritana. Mung dina buku ieu aya hiji kakirangan antawisna dina kecap-kecapna aya anu lepat. Kulantaran kitu disagigireun karya-karya nu sejen, ieu carita kenging Tjaraka teh sae pisan, seueur atikan-atikan anu kanggo nonoman atanapi anu parantos rumah-tangga supados tiasa ngajalankeun rumah-tanggana kalawan lancar.
Reade more >>

Resensi Novel Basa Sunda : Sasakala Bojongemas

Judul : Sasakala Bojongemas Pangarang : Aan Merdeka Permana Pamedal ` : Ujung Galuh Citakan : 1, 2009 Kandel : 48 kaca Candi Bojongemas téh, pernahna sisieun Citarum, di wewengkon Désa Bojongemas, Kecamatan Solokanjeruk, Kabupatén Bandung. Bahula mah disebutna Candi Purna Hyang. Baheulana, nyaéta teupikeun ka taun 1950-an masih mangrupa. Ngan ayeuna, ukur gundukan batu. Teu kapiara. Ceunah dina taun-taun harita, dicokotan, diamankeun dibawa ka tempat séjén. Aya anu diteundeun di museum. Aya anu di bawa ka imah pribadi. Sacara resmi acan ka catet kumaha sajarahna. Tapi ari béja anupatatalépa mah aya. Mun mah ayeuna ngajengléng jadi tulisan, nya ladang béja nu dibéjakeun deui. Sajarah mangrupakeun fakta atawa hiji hal nu bisa dibuktikeun dina fakta. Saurang sajarawan daék teu daék kudu kaugeur ku fakta-fakta nu aya. Manéhna teu bébas ngagarap fakta-fakta sajarah nu geus nyampak. Tapi, teu kitu pikeun pangarang novel. Manéhna lewih bébas nyiptakeun carita sorangan. Aan Merdeka Permana dina novel mungguranana ieu nyoba-nyoba ngangkat fakta-fakta sajarah Sasakala candi di Bojongemas kana novelna ieu. Tokoh-tokoh sajarah saperti Nyai Dewi Permata Sari anu ngokolakeun Candi Purna Hyang. Aya ogé Prabu Ningrat Kancana di barengan ku Aki Réog Cakentring nu jadi rajana di karajaan Galuh. Saréng Pangéran Barata Yudha anu ngakuna mah masih kénéh turunan salah sahiji karajaan Tarumanegara. Tina segi plot, ieu novel dipedar kalawan hadé. Katangar yén ieu novel téh di garap kalawan ngagunakeun hasil risét nu cukup léngkep. Hal iyeu bisa di buktikeun tina gambaran kaayaan sasakala Bojongemas nu jadi klimaks carita. Bagéan ieu ragot pisan jeung teu pikaboseneun. Gambaran karajaan Galuh, Tarumanegara di caritakeun kalawan jéntré. Nu macana saolah-olah di ajak nyaksian langsung kana kajadian nu pernah lumangsung di éta tempat. Ieu novel, ogé méré pamahaman nu leuwih jeulas kana sosok tokoh Nyai Dewi Permata Sari patlina jeung sasakala Bojongemas. Sabagé novel sajarah sabenerna ieu novel bisa dijadikeun média pikeun ngangkat budaya sunda jeung karajaan Tarumanegara. Hanjakalna pasualan éta teu bisakapedar kalawan hadé. Kurangna ngenaan gambaran sosial masarakat Sunda jeung Tarumanegara ngajadikeun iyeu novel leuwih beristana-sentris kusabab loba teuing nyaritakeun kahirupan istana Sunda jeung Tarumanegara. Lamun waé unsur-unsur sosial jeung budaya masyarakat Sunda jeung Tarumanegara kaungkab sacara lengkep., ieu novel bisa novel nju euyeub nu bakal nambah wawasan nu macana. Leupas tina kakurangan-kakurangan nu disebutkeun di luhur, novelmunggaran Aan Merdeka Permana ieu menang penghargaan. Masing kumaha ogé ieu novel ngungkab fakta sajarah anu mungkin waé geus kapopohokeun. Kajadian nu di angkat dina iyeu novel bisa jadi ayana ngan dina buku-buku pangajaran sajarah wungkul. Tapi ku ayana iyeu novel, éta kajadian jadi karasa mangkukna kénéh tur miboga daya pamikat nu saéstuna dipikanineung ku sakumna orang Sunda.
Reade more >>

Resensi Novel Basa Sunda : Panganten

Jejer buku : Panganten Panulis : Deden Abdul Aziz Pamedal : PT Kiblat Buku Utama Citakan : Citakan ka-2, Jumadil Akhir 1431 H./Juni 2010 Kandel buku : 99 kaca Novel Panganten hasil karancage literer Deden Abdul Aziz nyaritakeun kahirupan kaom rumaja nu patali jeung jodo, pati, bagja reujeung cilaka. Rinrin minangka, tokoh utamana dina ieu novel boga kabogoh anu ngaranna Iyang alias Gumilang. Iyang teh maot gara-gara OD di Cipanas. Leungiteun ku Iyang, rinrin layeut jeung Ben babaturan sakamarna Iyang. Terus dalit jeung Suminar alias Lisa Kudrow. Di Partenon teh Rinrin jeung Suminar sok ngaroko jeung nguyup arak. Saking layeutna Rinrin jeung Suminar teh sok diajak maok ka unggal Mall jeung sok sare bareng di Partenon. Tapi Suminar teh maot, maotna teh ku lantaran aborsi, da keur kakandungan teuing ku saha. Dina pamustungannana Rinrin gé hayang kawin teuing ka saha jeung teu jelas sabab kusababna manéhna hayang kawin. Nu sidik, sanggeus Rinrin nelasan manéh tepi ka hanteuna,manéhna ngarasa geus laksana papanganténan. Novel Panganten teh mere nyaho ka urang yen kahirupan urang teh geus di atur ku Nu Maha Kawasa. Tapi dina novel panganten ieu ngandung kata-kata kasar jeung jorok, nu teu pantes lamun di baca keur budak leutik mah. Sanggeus maca novel ieu, para rumaja bisa ngabedakeun mana kalakuan anu hade jeung mana kalakuan anu goreng.
Reade more >>